Keluarga

Keluarga

Selasa, 07 Februari 2012

Cakakak


Cakakak 
1.     "Ikoh, Akang nampa surat ti Walikota, cenah lantaran dianggap loba jasana, ngaran Akang rek dipake ngaran jalan ?" ceuk Kang Suryana bari nembongkeun surat ti Walikota. "Nya sae we Kang," tembal Ceu Ikoh bari nampa eta surat, terus dibaca. "Euleuh, Akang kedah bagja, geuning nami akang teh bade diangggo ngagentos nami jalan . . . Saritem !" ceuk Ceu Ikoh siga nu bungah
2.     Agus Ulen ditilang pulisi. "Apan seseratan kumplit, sajabi STNK teh BPKB oge dibantun. Abdi oge ngangge helm SNI, teras ngangge jeket kulit. Nya naon kalepatan abdi Pa, dugi ka ditilang ?" ceuk Agus protes. "Kasalahanana maneh mah ngan hiji, teu make motor ! Ngewa we katempona, lulumpatan make helm jeung dijeket kulit ...bari henteu tumpak motor !" tembal pulisi bari ngasongkeun surat tilang.
3.     HUMOR KAMALINAAN: Naon margina pinareup istri tara disada sapertos balon kukek ? Margi upami disada mah panginten di Saritem bakal rame !
4.     Bentenna susu kaleng sareng pinareup Ceu Ikoh: Susu kaleng mah eusina kanggo Kang Suryana, kalengna sok diangge kaulinan Ocad. Upami pinareup Ceu Ikoh mah eusina kanggo Ocad, "kaleng"-na sok diangge kaulinan Kang Suryana.
5.      (Ieu mah sanes bodor, mung ngebrehkeun beungharna basa Sunda, kecap KONENG ge ngagaduhan tilu hartos): Waktu Kang Suryana katerap kasakit KONENG, ku Ceu Ikoh dipangmarudkeun KONENG anu samemehna diperes dina lawon KONENG
6.     Waktu Agus datang, Kang Suryana ngajaran motorna. Clak tumpak, bari disarung tapi poho teu make kolor. Lantaran katebak angin, sarungna nyingkab nepi ka Si Ontohodna katempo. "Akang, eta . . . kagungan !" ceuk ibu-ibu nu kakara bubar arisan ngagorowok bari tingirihil. "Sanes, ieu mah motor nu Agus !" tembal Kang Suryana
7.     "Euleuh, na kunaon ieu teh ? Mani dugi ka rangsak kieu ?" ceuk dokter bari nyingkabkeun sarung Kang Suryana. "Nu mawi gara-gara hayam jago pun anak, Dok ! Waktos abdi nuju nagog bari disasarung, abdi teh hilap teu ngangge lancingan. Jol hayam jago pun anak, ujug-ujug jebrod we gagaduhan dibintih, panginten disangka mus...uhna, da sami-sami . . . rengge ?" tembal Kang Suryana semu era.
8.     Dasar Agus Ulen atuh, keur papanahan, panahna nanceb kana tonggong Ocad. Buru-buru Ocad dibawa ka rumah sakit. Ku dokter jaga ukur diragaji panahna. "Naha ruruhit panah anu aya di lebet tonggong henteu dicandak ?" ceuk Ceu Ikoh nanya ka dokter bari rawah-riwih. "Ih, nyabut ruruhit anu aya di lebet tonggong mah sanes tu...gas abdi, namung tugas . . . dokter penyakit dalam !" tembal dokter jaga enteng pisan
9.     Diemut-emut, kumargi pangaos cabe beureum awis pisan, rupina ngadamel sambel goreng kentang teh asa sae nganggo . . . obat merah nya ? Dijamin langkung beureum, sareng upami dituang teh sakantenan tiasa ngalandongan . . . raheut hate !
10.                        Dina angkot Kang Suryana diuk ngarendeng jeung awewe nu make baju bodas. "Eneng tangtos perawat nya ?" ceuk Kang Suryana nanya. "Geuning Bapa uninga ?" tembal eta awewe. "Katingal tina acukna sareng bau landong," tembal Kang Suryana. "Upami Bapa padamel bengkel nya ?" ceuk eta awewe. "Geuning uninga ?" tembal Kang Sury...ana. "Katingal 'dongkrak'-na turun naek !" tembal eta awewe bari ngabalieur
11.                        Upami diibaratkeun kana endog, pinareup istri yuswa 20 taun ka handap mah sapertos endog puyuh. Yuswa 30 taun ka handap sapertos endog hayam. Yuswa 40 taun ka handap sapertos endog meri. Upami yuswa 50 taun ka luhur mah wangsul deui sapertos endog hayam, mung endogna kenging . . . ngadadar !
12.                        Pinareup istri yuswa 20 taun ka handap sapertos apel, buleud pepel. Pinareup istri yuswa 30 taun ka handap sapertos alpuket, buleud semu lonyod namung keker. Upami pinareup istri yuswa 40 taun ka luhur mah sapertos . . . bawang beureum, sok hoyong nangis upami ningalina !
13.                        Umur Kang Suryana ku dokter divonis tinggal sapeuting deui. Lantaran kitu, manehna hayang meakkeun peuting ku cara sapatemon sawaregna. Rengse sakali, menta deui. Rengse dua kali, menta deui. Barang menta nu kadalapan kali, Ceu Ikoh jejebris: "Meugeus ah, Bapa mah genah sabadana bakal terus sare sarta moal hudang deui,... ari abdi mah apan loba gawe, kudu nyeuseuh jeung gegeroh !" ceuk Ceu Ikoh bari cengkat muru ka cai.
14. Patali sareng iedul adha, Telkomsel (Simpati, AS, Halo) masihan hadiah mangrupi nelepon haratis ka sadaya operator salami 24 jam ti ngawitan dinten ieu (Rebo, 17 November 2010, tabuh 12.00 WIB). Carana ketik *nomor tujuan#, teras cantumkan surat keterangan henteu mampu ti RT/RW anu dilegalisir ku camat.

15. "Tuang we ieu landong, diguguntur ku cai dua gelas. Sontenna ngaleueut deui cai opat gelas, wengina ngaleueut deui lima gelas," ceuk dokter. "Nya naon panyawat abdi teh, Dok ?" ceuk Kang Suryana. "Kirang ngaleueut !" tembal dokter.

‎16. "Ocad, upama sakabeh planet ngurilingan bumi, eta kajadian teh naon ngaranna ?" saur guru geografi naros ka Ocad. "Namina teh sadaya planet sareng bumi nuju . . . reuni, Pa !" tembal Ocad

17.Teu kacipta, upami "taeun" perenahna (jantenna) dina . . . tarang ? Sigana jalan teh moal macet, da jalmi bakal ngemut dua kali, bakat ku isin, tibatan angkat-angkatan mah mending keneh cicing di bumi.

18.Bentenna kapal terbang sareng erok: Upami kapal terbang mah beuki luhur teh beuki teu katingal, upami erok mah beuki luhur teh beuki . . . eces !

19.Dasar Ceu Ikoh atuh, nembe ge sasasih, usahana langsung bangkrut. Ti kawitna ge tos diwawadianan, yen usaha eta mah moal nguntungkeun, namung Ceu Ikohna keukeuh maksa. Nya bangkrut we, da ma enya ngadon muka kritingan di Jayapura ?

20.Horeng artos gajih teh lir ibarat . . . menstruasi, datangna sabulan sakali, ukur tahan 3 - 4 poe, dina sakalina teu datang bakal nimbulkeun masalah gede.

21."Angkat tangan !" ceuk rampog nyarita ka sakur nu aya bari nodongkeun pestol. "Nu geulis gancang pindah ka beulah katuhu, nu kasep pindah ka beulah kenca, ari nu goreng patut mah pindah ka tengah. Hey, hey ! Naha anjeun kalah pura-pura maca status ? Geuwat pindah ka tengah bareng jeung nu nyieun status !" ceuk rampog gogorowokan bari angger nodongkeun pestol.

22.Nu disebut KASATIAAN teh kadang-kadang tara langgeng, malah sering nguciwakeun. Geura we basa Si Buta dari Gua Hantu keur tarung jeung Si Mata Malaikat, eh monyetna mah kalah anteng maca status.

23.Tatanggana: "Bade kamana, Ceu ?". Ceu Ikoh: "Bade ka rumah sakit,". Tatanggana: "Saha nu teu damang ?". Ceu Ikoh: "Seueur,"

24.Urang Batak: "Nepangkeun, abdi Sinaga !". Urang Buton: "Nepangkeun, abdi La Kobra !". Urang Sunda: "Nepangkeun, abdi Abdul Oray Bedul !"

25.Anu nyababkeun embe badot bau teh dumeh kelekna opat.

26."Ocad, cing jieun paribasa dina basa Indonesia make kecap guru, murid, berdiri, jeung pulau !" ceuk guruna. "Guru dan murid sama-sama kencing berdiri, satu dua pulau terlampui," ceuk Ocad. "Har, asa kakara ngadenge Bapa mah eta paribasa teh ?" tembal guruna siga nu bingung.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar