Kumpulan Pribahasa
(Babasan/Paribasa) Sunda Jeung Hartina. Seueur pisan pribahasa
(babasan/paribasa) sunda nu ku sim kuring hilap deui, ma’lum hirup lain di
tatar sunda nyarita loba teu make sunda komo deuiآ pribahasa
(babasan/paribasa) sundaآ pastina oge jarang kapake. Ayeuna sugan jeung
sugan rek diajar deuiآ pribahasa (babasan/paribasa) sunda. ---
manawi para wargi bade nambihan sumangga diantos ---
- Adab lanyap Jiga nu handap asor, daek ngahprmat ka batur,
tapi boga hate luhur, tungtungna sok ngunghak jeung kurang ajar, temahna
batur loba nu teu resepeun.
- Adam lali tapel poho
ka baraya jeung poho ka lemah cai.
- Adat kakurung ku iga adat
nu hese digantina.
- Adean ku kuda beureum beunghar
ku barang titipan atawa ginding ku pakean batur.
- Adigung adiguna gede
hulu, boga rasa leuwih ti batur, kaciri dina laku lampahna jeung
omonganana.
- Agul ku payung butut ngagulkeun
luluhur sorangan.
- Akal koja pinter
dina kagorengan atawa kajahatan.
- Aki aki tujuh mulud lalaki
nu geus kolot pisan.
- Aku aku angga ngaku
barang batur kalawan ngandung maksud hayang mibandangaku baraya batur anu
beunghar atawa jeneng, mamrih kahormatan atawa kauntungan.
- Aku panggung darehdeh
jeung mere maweh, ngan hanjakal ku ieu aing asa pangpunjulna,
pangbeungharna jste.
- Alak-alak cumampaka resep
jeung hayang dipuji batur, boga rasa pangpunjulna. Anu handap hayang
nyaruaan nu luhur, nu hina hayang nyaruaan nu mulya.
- Alak paul tempat
anu lain dikieuna, ngeunaan jauhna jeung pisusaheunana.
- Alus panggung = alus laur hade ome tegep dedeg pangadegna.
- Ambek nyedek tanaga midek ari napsu pohara gedena, ngan masih bisa meper
diri
napsu kapegung. - Ambekna sakulit bawang gampang pisan ambek, jeung mun geus ambek teu
reureuh sakeudeung.
- Anak puputon anak
nu kacida didama-damana, nu pohara dipikanyaah.
- Anjing ngagogogan kalong mikahayang nu lain lain, nu pamohalan pilaksanaeun
(Mikahayang nu moal bakal kasorang).
- Ari diarah supana, kudu dipiara catangna Naon bae nu mere hasil ka urang kudu diurus bener
bener.
- Ari umur tunggang gunung, angen angen pecat sawed ari umur geus kolot tapi hate ngongoraeun keneh.
- Asa dijual payu ngungun
dumeh nyorangan di panyabaan, jauh ti indung bapa.
- Asa ditonjok congcot meunang
kabungah nu gede, anu saenyana teu diarep arep.
- Asa ditumbu umur Boga
rasa kahutangan budi anu pohara gedena.
- Asa nanggeuy endog beubeureumna kacida nyaahna.
- Asa potong leungeun katuhu leungiteun jalma nu pohara hade galena.
- Ati mungkir beungeut nyinghareup palsu, siga sono, tapi henteu. Siga suka, tapi
henteu, siga nyaah tapi henteu.
- Aub payung, sabet panon sabasoba wewengkon, ngeunaan tanah.
- Aya astana sajeungkal anu
mustahil oge oge bisa kajadian.
- Aya bagja teu daulat arek
meunang bagja atawa kauntungan tapi teu tulus.
- Aya di sihung maung Kulantaran
loba kawawuh gegeden dina aya karerepet atawa kaperluan penting gampang
naker meunang pitulungna.
- Aya hate kadua leutik naksir.
- Aya jalan komo meuntas aya lantaran anu diarep arep ti tadina nepi ka
maksud urang gancang kalaksanakeun.
- Aya jalan komo meuntas Aya pilantaraneun atawa pijalaneun pikeun
ngalaksanakeun atawa ngabulkeun kahayang.
- Aya jalan komo meuntas eukeur mah aya maksud, turug turug aya
pilantaraneun.
- Aya peurah aya komara aya
harega, aya pangaji.
- Aya nu dianjing cai Aya
nu diarep-arep atawa dihأ©roan.
- Ayakan tara meunang kancra nu bodo jeung nu pinter moal sarua darajatna
jeung panghasilanana.
- Baleg tampele ari
rasa tresna ka lalaki geus aya, ngan lamun papanggih jeung jelemana gede
keneh kaera.
- Bali geusan ngajadi tempat
dilahirkeun.
- Balung kulit kotok meuting teu eureun eureun nyeri hate ti baheula nepi ka
kiwari.
- Balungbang timur, caang bulan opat belas, jalan gede
sasapuan beak karep ku rido jeung
beresih hate.
- Banda tatalang raga lamun
urang papanggih jeung karerepet, gering upaman, euweuh halangan urang
ngajual barang nu aya pikeun ngabela diri, meuli ubar sangkan waras.
- Belang bayah gindi pikir boga pikiran goreng ka papada kawula.
- Bengkung ngariung bongkok ngaronyok babarengan sok sanajan dina hina, rugi, atawa
cilaka.
- Beurat birit hese
jeung sungkan dititah.
- Beurat nyuhun beurat nanggung, beurat narimakeunana pohara narimakeunana kana pitulung, ngan teu kawasa
ngedalkeun ku lisan atawa tulisan, anging gusti nu ningali.
- Beureum paneureuy seuseut
batan neureuy keueus hese pisan, seuseut seuat ngahasilkeun maksud.
- Beuteung anjingeun ngeunaan
ka jelema nu beuteungna cara/siga beuteung anjing.
- Bilih aya turus bengkung Bisi salah pokpokanana.
- Biwir nyiru rombengeun resep mukakeun rasiah sorangan atawa rasiah
batur.
- Biwir nyiru rombengeun Resep ngucah ngaceh rasiah atawa kaaeban boh nu
sorangan boh nu batur.
- Biwir sambung lemek, suku sambung lengkah henteu milu milu kana tanggung ajwabna mah, ieu
mah ngan saukur mangnepikeun dumeh jadi utusan, ngemban timbalan tinu
lian.
- Bluk nyuuh blak nangkarak Kabina bina rajina dina enggoning nyiar kipayah.
- Bobo sapanon carang sapakan aya kuciwana, lantaran aya kakuranganana atawa
karuksakanana.
- Bobor karahayuan henteu
rahayu, henteu salamet, meunang kacilakaan atawa tiwas.
- Bobot pangayun timbang taraju kabأ©h anu dipigawأ© kudu pinuh tinimbangan.
- Bonteng ngalawan kadu nu
leutik ngalawan nu gede.
- Buburuh nyatu diupah beas nyiar pangarti tur diburuhan atawa digajih.
- Budi santri, legeg lebe, ari lampah euwah euwah Ari laku lampah mah kawas santri tapi sok
ceceremed.
- Buluan belut, jangjangan oray pamohalan kajadian.
- Bungbulang tunda / tunda talatah lamun dititah tara sok pek ku maneh, tapi sok
nitah deui ka batur.
- Buntut kasiran koret,
medit, ngeupeul, tara pisan daek barangbere.
- Bur beureum bur hideung, hurung nagtung siang leumpang ginding, loba pakean anu aralus dipake.
- Buruk buruk papan jati ka sobat atawa ka baraya mah sok hayang
ngahampura bae lamun aya kasalahan teh.
- Caang bulan dadamaran migawe
nu kurang mangpaat.
- Cacag nangkaeun Hanteu
beres, hanteu rata, henteu sampurna.
- Cangkir emas eusi delan omonganana mah alus nepi ka urang jadi percaya
jeung kataji, tapi hatena jahat jeung matak bahaya ka urang.
- Cara bueuk meunang mabuk ngeluk bae, teu lemek teu carek, euweuh hojah,
euweuh karep, euweuh kahayang sabab era tawa sieun.
- Cara gaang katincak anu
tadina rame kacida, ayeuna mah jadi jempling pisan.
- Cara jogjog mondok carekcok
bae, mani gandeng nacer.
- Cara simeut hiris, tai kana beuheung beuheung Pohara bodona, beunang dibobodo atawa ditipu ku
batur.
- Cecendet mande kiara Nu
leutik nyaruaan anu gede, nu miskin nyaruaan nu beunghar.
- Ceuli lentaheun Sok
gancang nyaritakeun ka batur naon bae anu kadenge, turtaning tacan karuhan
eta beja teh bener henteuna.
- Cicing dina sihung maung Nganjrek di jelema anu nyusahkeun atawa bakal
nyilakakeun ka diri urang.
- Cikaracak ninggang batu laun laun jadi legok Ku dileukeunan mah sakumaha hesena ge lila lila
jadi bisa (najan bodo asal leukeun diajarna lila lila oge tangtu bisa).
- Cileuncang mande sagara, cecendet mande kiara, hunyur
nandean gunung Nyaruaan ka jelema anu
saluhureun harkatna, darajatna atawa pangabogana.
- Ciri sabumi cara sadesa beda tempatna, beda deui adat jeung kabiasaanana.
- Clik putih clak herang Kaluar tian hate anu beresih, rido pisan, teu aya
geuneuk maleukmeuk.
- Congo congo ku amis, mun rek mais oge puhuna Kumaha arek bageurna dinu ajdi anak, lamun bapana
henteu bageur.
- Daek macok embung dipacok daek ngarah kana rejeki atawa pakaya batur, tapi
diarah rejekina atawa pakayana ku batur mah embung.
- Dagang oncom rancatan emas ari modalna gede kacida, ngan batina anu diarah
kacida leutikna.
- Dah bawang dah kapas tah
barangna tah duitna.
- Daluang katinggang mangsi Susuganan katuliskeun aya jodo (waris).
- Dأ©sa maca cara nagara mawa tata Ngagambarkeun yأ©n kaayaan jeung adat kabiasaan
di dأ©sa jeung kota (nagara) tأ©h bأ©da-bأ©da.
- Deugdeug tanjeuran pada ngadeugdeug pada nongton, jadi tongtonan kulantaran pinter
dina kasenian.
- Deukeut deukeut anak taleus ari imahna mah puguh padeukeut, ngan hanjakal teu
nyaho tibareto yen baraya.
- Dihin pinasti, anyar pinanggih baheula ditangtukeunana, ngan kakara ayeuna
kalakonanana atawa kapanggihna.
- Dikungkung teu diawur, dicangcang teu diparaban Ari dipegat mah teu acan, ngan geus teu
dipeutingan jeung teu dibalanjaan.
- Dipiamis buah gintung Disangka
hade jeung bageur tapi buktina goreng jeung jahat.
- Dipiamis buah gintung disangka
hade jeung bageur, tapi buktina goreng jeung jahat.
- Disakompet daunkeun, dihurun suluh dihijikeun bae, disaruakeun bae, teu dibeda beda.
- Ditangtang ditengteng dijieun bonteng sapasi Dialak ilik lantaran dianggap aneh.
- Ditilik ti gigir lenggik, disawang ti tukang lenjang,
diteuteup ti hareup sieup lenjang
jeung geulis pisan, pantes kewes.
- Dogdog pangrewong bantuan
anu euweuh hartina, dina teu aya oge teu naon naon.
- Dogong dogong tulak cau, geus gede dituar batur ngantian jeung mahugi parawan ti keur leutik
keneh, sugan diparengkeun ku nu kawasa jadi pipamajikaneun, na ari geus
gede dikawin batur, atuh hese cape taya gawe.
- Dosa salaput hulu kacida
loba dosana.
- Dulang tinande awewe
mah nurutkeun bae, kumaha diaturna jeung diparentahna ku nu jadi salami.
- Duum tinggi ngabagikeun
naon naon henteu kalawan adil aya nu loba, aya nu saeutik.
- Elmu ajug pinter
ari mapatahan batur mah, tapi prak ku sorangan henteu.
- Elmu sapi samiuk
(ngahiji) kana kagorengan.
- Elmu tumbila nu
boga imah ngarugikeun ka tatamu.
- Elok bangkong nuju
sakarat, ngan kari tunggu dawuh bae.
- Endog sapatarangan, peupeus hiji, peupeus kabeh kasusah atawa karerepet anu tumiba ka dulur,
baraya atawa sobat, balukarna ngabingungkeun atawa nyusahkeun ka sarerea.
- Endog tara megar kabeh najan saindung sabapa hneteu sarua milikna,
rejekina atawa darajatna.
- Galehgeh gado darehdeh
tapi henteu terus kana hate.
- Gancang pincang kulantaran
digawena buru buru jeung kurang ati ati hasilna teh teu nyugemakeun.
- Gantung denge hanteu
terus bisa ngadengekeun hiji perkara jeung pohara hayangna neruskeun
ngadengekeun.
- Gantung teureuyeun Hanteu
terus daharna sabab dahareunana geus beak atawa daharna kapaksa kudu
eureun heula ku lantaran aya dahareun nu didagoan.
- Gede gede kayu randu, dipakeke pamikul bengkung, dipake
lincar sok anggang, dipake pancir ngajedig Ngeunaan ka jelema anu jangkung ahrelung tur
dedeg ngan hanjakal gawena jeung karajinanana goreng.
- Gede gunung pananggeuhan Adigung kulanatran boga kolot atawa baraya
baleunghar ataw jareneng.
- Gede gunung pananggeuhan Boga ahli atawa kawawuhan anu beunghar atawa jadi
gegeden, dina urang aya karerepet atawa butuh ku pitulung, eta jalma bisa
nulungan ka urang ku kabeungharan atawa kakawasaan.
- Getas harupateun, pingges harepan Gampang pisan nyalahkeun atawa ngahukum ka batur.
- Geulis sisi, laur gunung, sonagar huma Ari rupa mah tegep ngan dangong dusun meledug.
- Gindi pikir belang bayah Goreng hate, dolim, julig , dengki.
- Ginding kakampis Ari
pake mah ginding ngan duit teu boga.
- Giri lungsi tanpa hina Nu luhur jeung nu handap sarua bae ulah dihina.
- Goong saba karia Datang
sorangan ka anu keur kariaan sanajan hanteu di ondang, maksudna hayang
dititah gawe sangkan seubeuh baranghakan.
- Gunung tanpa tutugan, sagara tanpa tepi Euweuh anggeusna, euweuh beakna.
- Gurat batu Pageuh
kana jangji.
- Gusti Alloh tara nanggeuy dibongkokna Gusti Alloh tara nangtayungan ka mahlukna anu
salah atawa boga dosa ka papada kawula.
- Hade gogog hade tagog Hade
basa jeung hade tingkah lacuna.
- Hade ku omong goreng ku omong Omongan nu hade balukarna hade jeung omongan nu
goreng, goreng deui balukarna.
- Halodo sataun lantis ku hujan sapoe Kahadean anu sakitu gedena tur lilana leungit
pisan ku kagorengan atawa kasalahan sapoe.
- Hambur bacot murah congcot Goreng sungutna jeung sok mindeng nyarekan deuih
tapi berehan sok daek barangbere dahareun.
- Hampang birit gampang
jeung daekan dititah.
- Hanteu gedag bulu salambar Hanteu sieun atawa gimir saeutik eutik acan.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Enya ari miskin tea mah, ngan lumayan da ari
salaki mah boga.
- Hapa hapa ge ranggeuyan Miskin miskin oge da boga salaki nu ngurus jeung
nangtayungan.
- Harewos bojong Harewos
anu cukup tarikna, nepi kadenge ku jelema anu deukeut kalawan tetela
pisan.
- Haripeut ku teuteureuyeun Gancang atoh dina meunangna rejeki, boh dahareun
boh duit kalawan teu ngingetkeun balukarna ieu teh rejeki halal atawa
haram.
- Harus omong batan goong Beja teh sasarina sok gampang jeung gancang
nerekab, kulantaran umuna sok pabeja beja.
- Hayang untung jadi buntung teu papanggih ari jeung kauntungan mah, papanggih
soteh jeung karugian anu sama sakali henteu diarep arep.
- Hejo tihang Resep
jeung remen gunta ganti imah tempat atawa pagawean.
- Herang caina beunang laukna Maksud bisa kahontal kalawan beres teu aya pihak
anu dirugikeun atawa dinyenyeri.
- Herang caina beunang laukna Nu dipikahayang bisa laksana tur teu nganyenyeri
batur.
- Herang herang kari mata, teuas teuas kari bincurang Bareto mah beunghar ayeuna kari miskina.
- Heueuh heueuh bueuk Nyatujuan
ari diluar mah, ngan bae henteu terus jeung hatena.
- Heureut deuleu pondok lأ©ngkah Ngagambarkeun sundek kanyaho ku sabab henteu rأ©a
babandingan da kurung batok.
- Heurin ku letah Hayang
jeung perlu ngabejakeun hiji perkara, ngan sieun pok kulantaran loba
karisi/ karempan.
- Hirup ku panyukup gede ku pamere Hirup samahi mahi ku pamere batur bae, sabab teu
purun hojah sorangan dina enggoning nyiar kipayah.
- Hirup nuhun paeh dirampes Rido pisan pasrah pisan, teu boga kahayang naon
naon.
- Hirup ulah manggih tungtung, paeh ulah manggih beja Kudu bageur kudu hade laku lampah supaya alus
kacaritakeunana.
- Hulu dugul dihihidan Nu
keur senang tambang senang, nu keur untung tambah untung.
- Hunyur nandean gunung Nyaruaan
ka jelema saluhureun harkatna atawa pangabogana.
- Hurung nangtung siang leumpang Ginding karana make papakean atawa perhiasan anu
aralus.
- Ieu aing uyah kidul Boga
rasa pangleuwihna ti pada batur, boh ngeunaan rupa, pangarti, pangaboga,
pangkat atawa kakawasaan.
- Ilang along margahina, katinggang pangpung dilebok
maung, rambutna salambar, getihna satetes, ambekanana sadami, agamana
darigamana, kaula nyerenkeun Masrahkeun
sagalagalana hadena gorengna, bagja cilakana (biasana sok dipake dina
seserahan).
- Indung lembu bapa banteng Ti indung jeung bapa turunan menak jeung
beunghar.
- Inggis batan maut hinis Pohara risina, pohara paurna.
- Inggis manan maut hinis, rempan batan mesat gobang Inggis jeung paur kabina bina.
- Ipis kulit beungeut Gede
kaera.
- Iwak nangtang sujen Wani
nyorang picilakaeun, pibalaieun atawa pibahayaeun.
- Jabung tumalapung sabda tumapalang milu nyaritakeun hiji perkara sakapeung nempasan
omongan batur, nyeta nyeta siga nu nyaho, padahal teu nyaho nanaon.
- Jadi maung malang jadi
panghalang, ngeunaan ka lalaki nu ngahalangan pijodoeun hiji awewe.
- Jadi sabiwir hiji jadi
carita jalma loba.
- Jadi senen kalemekan mindeng
dicaritakeun batur.
- Jaman cacing dua saduit jaman baheula pisan.
- Jati kasilih ku junti pribumi
kaeehkeun ku urang asing.
- Jauh jauh panjang gagang hanas jauh jauh oge dijugjug, ngan hanjakal ku
teu hasil.
- Jauh ka bedug anggang ka dayeuh dusun, teu nyaho di tata-titi, tidak tanduk, suba
sita, duduga jeung peryoga.
- Jauh ka bedug dusun,bodo,
euweuh kanyaho.
- Jawadah tutung biritna, sacarana sacarana unggal bangsa beda adat jeung kabiasaanana.
- Jegjeg ceker cape
kulantaran leumpang ka dieu ka dieu.
- Jejer pasar lumrah
bae, mun ka lalaki, kasep henteu, goreng henteu.
- Jeung leweh mah mending waleh leuwih hade wakca balaka ngedalkeun kahayang ti
batan ngandung kabingung teu wani pok nyarita.
- Jogjog neureuy buah loa mikarep ka anu lain babad.
- Jogjog neureuy buah loa Milampah anu moal pihasileun.
- Ka luhur teu sirungan kahandap teu akaran Jelema nu jahat, julig jeung dengki mah moal
jamuga, moal aya kamajuan boh ngeunaan pangkat, boh rejeki.
- Kaceluk ka awun-awun kawentar ka janapria, kakoncara ka
mancanagara Kawentar pisan, kawentar
kamana mana.
- Kaciwit kulit kabawa daging Kababawa, katarik kana hiji perkara, keukeuh milu
susah, sanajan teu boga salah jeung henteu milu ulubiung perkarana.
- Kahieuman bangkong Ku
ayana barang titipan di urang, urang teh nepi ka jiga beunghar katenjona
ku batur mah padahal miskin teu boga nanaon.
- Kai teu kalis ku angin Unggal jelema awal ahir tangtu bakal pinanggih
jeung kasusahan.
- Kajeun pait tungtung amis manan amis tungtung pait Tibatan ahirna matak susah, leuwih hade
dicaritakeun ti heula naon anu matak pisusaheunana.
- Kajeun panas tonggong asal tiis beuteung Kajeun teuing cape gawe asal bisa dahar kalawan
cukup.
- Kalapa bijil ti cungap Ngucah ngaceh rasiah sorangan anu matak cilaka.
- Kandel kulit beungeut euweuh
caerأ،.
- Katempuhan buntut maung Batur anu salahna atawa anu boga dosana, tapi
urang anu kudu nyanghareupan balukarna.
- Katumbukan catur kadatangan carita Loba anu embung sabab ngagedekeun jeung
ngagugulukeun panyerewedan.
- Kawas anjing kadempet lincar Mere parentah ka batur teu kalawan sabar, malah
bari ambek ambekan sagala.
- Kawas budak rodek hulu Teu ngupama, teu ngajenan, teu ngahargaan pisan.
- Kawas cucurut kaibunan Ngeunaan ka jelema anu matak sareukseuk panon.
- Kawas hayam keur endogan cilingcingcat bae, teu bisa cicing.
- Kawas hayam panyambungan Tacan nyaho di kaler kidul, kawantu anyar keneh
aya di eta tempat.
- Kawas kacang ninggang kajang Ngomongna tarik tur gancang, biasana ngeunaan ka
awewe nu keur ngambek bari nyarekan.
- Kawas kuda leupas ti gedogan Bingung ku kamerdekaan, terus sakama-kama
nganteur kahayang, ngalajur napsu, kulantaran euweuh anu ngageuing atawa
euweuh nu nyengker.
- Kawas lauk asup kana bubu Gampang asupna kana pagawean tapi pohara hesena
hayang kaluar ninggalkeun eta pagawean.
- Kawas lauk asup kana bubu gampang meunangna jeung asup kana hiji pagawean,
tapi hese kaluarna jeung negcagkeunana eta pagawean (masalah).
- Kawas nu mulangkeun panyiraman Sok nu lain lain, jeung hese ngayakeunana nu
dipikayang ku jelema nu tereh ajal, kahayangna sabisabisa kudu dicumponan
bae, sanajan matak ngarepotkeun ka ahlina/ kulawargana.
- Kawas siraru jadi Pabaliut
ku tina lobana, ngeunaan ka jelema.
- Kawas wayang pangsisina Ngeunaan jelema nu goreng rupana.
- Kejo asak angeun datang Sapagodos jeung maksud urang, atuh teu talangke
deui harita keneh dilaksanakeun.
- Keur meujeuhna bilatung dulang Laleutik keneh pisan keur meujeuhna bareuki
dahar.
- Keur meujeuhna hejo lembok rambay carita Keur meujeuhna loba pakaya jeung loba rejeki.
- Keur nuju bentang surem keur sue,atawa tiis badan, lamun guna tani ku
hama, lamun dagang terusterusan rugi bae.
- Kiceupna sabedug sakali Pohara lungguhna.
- Kiruh ti girang kiruh ka hilir Lamun anu di luhruna teu balageur jeung teu
balener, tangtu nu dihandapna oge milu teu bener milu teu bageur.
- Kokoro manggih mulud puasa manggih lebaran Anu saumur -umur miskin tuluy dina hiji waktu
pinanggih jeung kamulyaan atawa rejeki anu gede, sasarina sok kacemekanana
nepi ka siga mangpang meungpeung.
- Kokoro nyoso, malarat rosa, lebaran teu meuncit hayam Kacida miskina.
- Kotok bongkok kumorolong, kacingcalang kumarantang =
Lauk buruk milu mijah = Piritan milu endogan Pipilueun kana hiji kalakuan kulantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
- Kudu bisa kabulu kabale Kudu bisa mawa awak.
- Kudu bisa ngeureut neundeun Kudu bisa nyukupkeun rejeki atawa pangala anu
saeutik.
- Kudu bisa pindah cai pindah tampian Kudu bisa nyaluyukeun manأ©h jeung lingkungan anu
anyar dicicingan.
- Kudu boga pikir kadua leutik Ulah sabongbrong teuing, kudu aya pikir rangkepan,
kudu aya rasa curiga.
- Kudu hade gogod hade tagog Hade basa jeung hade tingkah lacuna.
- Kudu nepi memeh indit Kudu direncanakan kalawan asak.
- Kujang dua pangadekna Hiji
pagawean anu ngandung dua rupa maksud.
- Kulak canggeum bagja awak Milik hade atawa goreng anu geus ditangtukeun ti
ajalina keneh ku Gusti Nu Maha Suci.
- Kumaha bule hideungna bae Kumaha engke bae buktina, kumaha behna.
- Kumaha kejebur caina geletuk batuna kumaha jadina bae, henteu jadi pikiran.
- Kunang kunang nerus bumi Ramana geus teu jeneng deui, di putrana awal ahir
aya nu jeneng cara ramana.
- Kuru cileuh kentel peujit Daek tirakat, ngadoakeun budak sangkan sangkan
junun.
- Kurung batok teu
resep nyanyabaan, ni’mat cicing diimah bae.
- Lain ku tulang munding kabeureuyan mah, ku cucuk peda arek cilaka mah ku kasalahan anu leutik oge bisa,
teu kudu ku kasalahan anu gede bae.
- Lain lantung tambuh laku, lain lentang tanpa beja lain
leumpang maladra Indit ti imah kalawan
ngandung maksud anu tangtu, lain lapmah sakaparan paran henteu puguh anu
dijugjug.
- Landung kandungan laer aisan Gede timbanganana, gede pangampurana.
- Langsung saur bahe carek Sok gampang ngagelendeng atawa nyarekan.
- Lauk buruk milu mijah = piritan milu endogan pipilueun kana hiji kalakuan ku lantaran
kabawakeun ku batur, henteu kalawan kahayang sorangan, nepi ka goreng
katenjona.
- Legok tapak genteng kadek Loba luangna pangalamanana jeung kanyahona.
- Leubeut buah hejo daun Keur meujeuhna loba rejeki, loba pakaya.
- Leuleus jeujeur liat tali pohara adilna, dina mutus hiji perkara tara beurat
sabeulah, jeung loba pertimbanganana.
- Leunggeuh cau beuleum Teu
lutreuk dina ngajalankeun hiji pagawean.
- Leutik burih euweuh
kawani.
- Leutik cahak, gede cohok Ari panghasilan saeutik tapi ari pangaluaran mah
gede.
- Leutik leutik ngagalatik Sanajan leutik awakna henteu jangkung tur gede,
tapi leber ku wawanen.
- Leutik ringkang gede bugang Jelema mah teu beunang disapirakeun sabab sanajan
leutik warugana, dina aya papaitna atawa bobor karahayuan mah bisa jadi
kasusah sarerea.
- Leuwi jero beunang diteuleuman, hate jelema najan deet
teu kakobet Hade gorengna pikiran
jelema hese dikira kirana.
- Lieuk euweuh ragap taya Teuing ku miskin nepi ka teu boga naon naon.
- Loba teuing jaksa loba
teuing anu pinter nu ngatur jeung mapatahan, balukarna matak bingung nu
dipapatahan.
- Lodong kosong ngelentrung Kalah ka loba omong bae, ari pangartina mah
euweuh.
- Luhur kuta gede dunya Gagah
tur beunghar taya kakurang.
- Luncat mulang Teu
beunang dicekelan omonganana, ayeuna kieu engke mah kitu.
- Lungguh tutut Katenjona
siga lungguh tapi saenyana mah henteu.
- Malengpeng pakel ku munding, ngajul bulan ku asiwung Ngajalankeun (mikarep) hiji perkara anu taya
pihasileunana.
- Maliding sanak Henteu
adil, pilih kasih.
- Mangpengkeun kuya ka leuwi Nitah mulang ka lemburna, atawa nitah pindah ka
tempat bali geusan ngajadi.
- Mapay ka puhu leungeun Mamawa ka kolot atawa ka guru, turtaning kolot
atawa guru mah teu nyaho naon naon jeung euweuh patalina saeutik eutik
acan.
- Marebutkeun paisan kosong Marebutkeun hiji perkara anu teu aya hasilna
atawa mangpaatna.
- Maut nyere ka congona Keur
ngora senang, tapi ari ka kolotnakeun susah.
- Melengkung bekas inhalan Ari keur ngora keneh bageur tapi kakolotnakeun
jadi teu bageur.
- Mere langgir kalieun Mere
naon naon anu bisa jadi aya pisusaheunana atawa pibahlaeunana.
- Meuli teri meunang japuh = nyair hurang meunang kancra kalawan teu disangka sangka meunang milik,
darajat atawa kauntungan anu leuwih gede.
- Meungpeun carang ku ayakan Nyaho yen batur teh salah atawa migawe anu
dilarang ku Nagara, tapi teu kitu kieu kalahka api api teu nyaho.
- Meungpeung teugeu harianeun Embung pisan tutulung ka batur nu keur susah
atawa loba kabutuh.
- Miceun batok meunang coet Miceun nu goreng kulantaran hayang meunang anu
alus, tapi tungtungna meunang nu goreng deui bae.
- Mindingan beungeut ku saweuy ari hate goreng, ngan budi parangi marahmay,
perluna pikeun mindingan hate nu goreng tea maksudna supaya ulah kaciri
tea.
- Mipit teu amit ngala teu menta Maling boga batur.
- Miyuni hayam kabiri Leutik
burih babari sumerah eleh atawa lalaki nu babari sumerah ka awewe.
- Moal ceurik menta eusi Keun bae mawa wadah anu gede oge da lain hayang
loba diberena.
- Moal neangan jurig teu kadeuleu arek nyekel jelema nu aya bae, moal neangan
jelema nu euweuh.
- Mobok manggih gorowong Aya lantaran pikeun ngalaksanakeun kahayang anu
henteu gampang pihasileun.
- Mobok manggih gorowong meunang jalan pikeun ngalaksanakeun kahayang.
- Monyet kapalingan jagong Tukang maling kapalingan, tukang tipu katipu,
tukang ngarah nagrinah karoroncodan.
- Mopo memeh nanggung Hoream,
teu sanggup samemeh prak.
- Mun teu ngakal moal ngakeul mun teu usaha moal pinanggih jeung rejeki
pibekeleun hirup.
- Ngajul bulan ku asiwung, mesek kalapa ku jara usaha anu mubadir, moal ngadatangkeun hasil
(asiwung; kapas nu geus diberesihan sikina, biasana dipake keur mayit
nutupan liang-liangan).
- Ngadu angklung di pasar papaduan nguruskeun nu euweuh mangpaatna di
hareupeun jalma loba.
- Ngadu ngadu rajawisuna mawakeun omongan si a ka si b jeung sabalikna,
temahna si a jeung si b pasea, parerea omong.
- Mun teu ngoprek, moal nyapek. Mun teu ngakal moal
ngakeul. Mun teu ngarah moal ngarihLamun
teu digawe niar kipayah tangtu pisusaheun pikeun hirup.
- Muncang labuh ka puhu, kebo mulih pakandangan Mulang ka lemburna sabada mang taun taun aya di
pangumbaraan/ panyabaan.
- Mupugkeun tai kanjut Ngetrukeun
pangaboga dina waktuna nyunatan atawa ngawinkeun anak anu kacida
dipikameumeutna.
- Naheun bubu pahareup hareup dina pangabutuh silih injeuman duit.
- Nangkeup mawa eunyeuh mawa
cilaka ka jelema anu dipentaan tulung jeung geus nulungan ka urang.
- Nangtung kariung ngadeg karageman Ngariung rarageman ngabadamikeun hiji perkara.
- Nepak cai malar ceret Ngomongkeun
jeung ngagogoreng batur, supaya batur teh ragrag ngarana jeung kawentar
kagorenganana.
- Nepakeun jurig pateuh Puguh
urang nu goreng tapi kagorengan urang teh ditamplokeun ka batur sangkan
urang sorangan salamet.
- Nete porot ngeumbing lesot Cukup ari ihtiar mah kalawan mangrupa rupa akal
tarekah tapi teu hasil bae.
- Nete semplek nincak semplak Kieu salah kitu salah.
- Nete semplek nincak semplak Ninggang dina salah jeung rugi bae, turug turug
kasusah nambahan deuih.
- Nete taraje, nincak hambalan Kudu merenah, lamun aya uruskeuneun teh urang
kudu datang ka nu handap heula, kakara terus kaluhur.
- Neukteuk curuk dina pingping Ngadakwakeun nu lian, tapi nu ngadakwakeunana
meula susah, sabab milu katarik kana perkara, milu adu hareupan jeung
hakim.
- Neukteuk mani anggeus, rokrok pondokeun peunggas
harupateun Heuras hatena teu sabar
dina nyanghareupan rupa rupa kasusahan jeung babari luluasan.
- Neundeun piheuleut nunda picela Neangan pilantaraneun supaya jadi goreng supaya
temahna papisahan teu ngahiji deui.
- Ngabأ©jaan bulu tuur Ngabأ©jaan
jalma nu geus nyahoeun.
- Ngabudi ucing teu
wani nembongkeun atawa ngedalkeun kahayang atawa kadeudeuh.
- Ngadagoan kuah beukah Ngadagoan
pasesaan kadaharan (Hal ieu ngan wungkul tukang babantu di imah batur bae,
anu saenyana mah ayana tukang babantu teh henteu perlu).
- Ngadagoan uncal mabal Ngadagoan
jeung mikahayang kana rejeki tapi sungkan ihtiar pikeun ngadatangkeun eta
rejeki.
- Ngadaweung ngabangbang areuy pohara nineungna kana jaman nu geus kasorang nepi
ka matak waas pacampur jeung sedih.
- Ngadek sacekna, nilas saplasna Ngomong/nyarita anu teu dileuwihan atawa
dikurangan.
- Ngadeupaan lincar ngadeukeutan
anu keur sidekah atawa kariaan, supaya katenjo ku anu boga imah jeung
diajak dahar.
- Ngagandong kejo susah nyatu loba ari titaheun mah boh anak boh bujang ngan
hanjakal ku hese nitah, euweuh nu daekeun ari dititah teh.
- Ngagedag bari mulungan Nanyakeun hiji perkara ka batur anu urang tacan
nyaho, tapi embung kanyahoan yen urang tacan nyaho, kulantaran kitu api
api geus nyaho bae.
- Ngaliarkeun taleus ateul ngabeja bejakeun kagorengan atawa kajahatan
batur.
- Ngaliarkeun taleus ateul Ngabeja bejakeun kagorengan batur atawa kajahatan
anu lian.
- Ngarep ngarep bentang ragrag Ngarep-ngarep nu pamohalan bakal kasorang atawa
kajadian.
- Ngarep ngarep kalangkang heulang Ngarep ngarep hiji perkara anu kacida banggana
jeung sudah pihasileunana.
- Ngawur kasintu, nyieuhkeun hayam ngaraeh jeung darehdeh ka deungeun, sabab hayang
kapuji, tapi teu nolih jeung nyapirakeun ka dulur atawa ka baraya
sorangan.
- Ngeplek jawer, ngandar jangjang, miyuni hayam kabiri Leutik burih, borangan, sieunan, kecing.
- Ngeduk cikur kedah mihatur nyokel jahe kedah micarek Lamun nyokot hiji hal kudu saidin anu boga.
- Ngeupeul ngahuapan maneh Lungas lengis mikawelas mikaasih ka diri
sorangan, supaya batur welaseun jeung nulungan ka urang.
- Nginjing sila, bengkok sembah goreng hate, teu satia ka anu jadi pamingpin
atawa dunungan.
- Ngodok liang buntu hese cape taya gawe, susah payah
taya guna sanajan tihothat oge moal
atawa henteu beubeunangan.
- Ngodok liang jero Teu
hasil enggoning nyiar rejeki, kaditu kadieu luput bae.
- Ngukur ka kujur nimbang ka awak Ngaluarkeun duit pikeun kaperluan hirup, pakan,
pake jste disaluyukeun jeung pangala.
- Ngukut kuda kuru ari geus gede sok nyepak Ngukut bujang anu tadina pohara balangsakna,
susak dahar susah make, tapi ari geus mulya awak lintuh jeung pake hade,
ngalawan ka anu jadi dunungan.
- Ngusap birit bari
indit kulantaran ambek nyedek atawa era paraa, leos bae indit, teu amit
heula ka anu araya didinya.
- Nimu luang tinu burang Nambahan luang atawa pangarti waktu keur
pinanggih jeung kacilakaan atawa hukuman.
- Nincak parahu dua Ngadunungan
ka duaan atawa boga dua pausahaan.
- Ninggang kana kekecrekna Keur mah goreng rupana, goreng laku lampahna
deuih.
- Nini nini dikeningan, awewe randa dihiasan Ngamahalkeun barang naon bae anu geus ruksak.
- Noong ka kolong Leutik
hate, leutik pangharepan.
- Nu asih dipulang sengit, nu haat dipulang moha nu hade jeung loba jasana ka diri urang,
dinyenyeri ku urang, ku omongan atawa ku kalakuan anu goreng.
- Nu borok dirorojok = nu titeuleum disimbeuhan nu keur susah ditambah kasusahanana, nu keur
nyeri ditambah kanyerina.
- Nu borok dirorojok, nu titeuleum disimbeuhan Nu keur susah ditambah deui kasusahna.
- Nu burung diangklungan, nu edan dikendangan ngahaminan omongan atawa carita batur, sanajan
ceuk hate sorangan eta omongan atawa carita teh salah.
- Nu tani kari daki, nu dagang kari hutang Nu tani jeung nu dagang sarua ripuhna, euweuh nu
mulya.
- Nuju hirup ninggang wirahma Ngeunaan ka jelema anu keur alus milik.
- Nuturkeun indung suku Leumpang
sakaparan-paran, ku sabab henteu puguh tujuan.
- Nulungan anjing kadempet nulungan jelema nu teu boga pisan rasa tumarima.
- Nya di hurang nya dikeuyeup Di unggal jelema oge taya bedana, sarua bae,
mungguhing wiwirang atawa katugenah hate mah boh di menak boh disomah
sarua bae.
- Nya ngagogog nya mantog Nya nitah ka batur nya prak kumanehna.
- Nya picung nya hulu maung Nu nanya jeung nu ngajawab teu sapagodos, pananya
jeung jawaban pasalia, henteu nyambung.
- Nyaeuran gunung ku taneuh, sagara ku uyah nambahan kauntungan atawa kakayaan ka anu geus
beunghar.
- Nyair hurang meunang kancra Sugan the rek meunang kauntungan, kamuliaan atawa
bagja anu leutik manahoreng meunang kauntungan atawa bagja anu gede.
- Nyaliksik ka buuk leutik Nyusahkeun, peperedih atawa pepentaan ka jelema
anu sahandapeun darajatna jeung pangabogana.
- Nyalindung ka gelung Milu
hirup ka pamajikan anu loba pakayana.
- Nyanggakeun suku genteng belokeun, beuheung
teukteukeun, disiksik dikunyit kunyit, dicacag diwalang walang Sumerah, masrahkeun diri rek dibeureum rek
dihideung kari kumaha didinya bae, dina rumasa geus salah atawa rumasa
boga dosa.
- Nyanghulu ka jarian Ngawula
ka jelema anu sahandapeun harkatna atawa pangartina.
- Nyaur kudu diukur nyabda kudu di unggang Nyarita kudu pas, eces, ngabogaan harti.
- Nyeri beuheung sosonggeteun Pohara ngarep ngarepna, tapi anu diarep arep teu
jol bae datang.
- Nyeungeut damar di suhunan mintonkeun kakayaan, atawa barangbere supaya
dipuji.
- Nyeungseurikeun upih ragrag Akey akeyan nyeungseurikeun batur, dumeh buuk
geus bodas huntu geus ompong, tonggong geus bengkung turtaning ieu the
kahareup mah ku urang sarerea bakal kasorang.
- Nyiar batuk piaraheun Nyiar
pigujrudeun, pipaseaeun.
- Nyicikeun cai, murulukeun lebu turun cadu (cacaduan), pantang ngalampahkeun hiji
perkara anu dilarang ku luluhur.
- Nyieun catur taya dapur nganggit hiji dongeng nu teu aya galurna.
- Nyieun heuleur jeroeun huma Henteu raket jeung dulur pahare-hare bae.
- Nyieun pucuk ti girang pangheulana neangan piaseaeun.
- Nyiruan mah teu resepeun nyeuseup nu pait Lumrahna manusa teu resep reureujeungan jeung nu
teu boga.
- Nyiuk cai ku ayakan Pagawean
nu mubadir, moal ngahasilkeun naon naon.
- Nyium bari ngegel Omongannana
hade ngan hate jeung maksudna goreng . Salakina dipisobat ari pamjikanana
dibogohan atawa sabalikna.
- Nyokot lesot ngeumbing porot Teu aya usaha anu ngahasilkeun.
- Nyolok mata buncelik nganyenyeri,
ngahina atawa ngawiwirang di hareupeunana.
- Nyuhun nanggung ngelek ngegel Rebo pisan, babawaanana loba naker.
- Nyuhunkeun bobot pangayon timbang taraju Menta pangampura jeung menta timbangan da geus
puguh rumasa ari salah jeung dosa mah.
- Nyukcruk walungan mapay mapay wahangan Kalawan taliti pisan nalungtik luluhur, imeut
pisan pancakakina.
- Omong harus batan goong Beja the gancang naker nerekabna, malah sasarina
mah beja anu nerekab teh leuwih hebat batan aslina.
- Owah gingsir Hanteu
tetep, henteu ajeg, gunta ganti pamadegan.
- Paanteur-anteur julang silih anteur nepi ka aya dua tilu kalina.
- Pacikrak ngalawan merak Tangtu elehna sabab nu leutik ngalawan anu gede.
- Pada rubak sisi samping Sarua bae pada loba luangna, pada loba
pangalamanana.
- Pagirang girang tampian Paunggul unggul dina neangan pangupa jira
(Paunggul unggul nyiar rejeki, teu daek silih seblokan).
- Paheuyeuk heuyeuk leungeun Silih bantuan, silih belaan, silih tulungan.
- Pait daging pahang tulang Arang gering.
- Pait daging pahang tulang cageur teu keuna ku panyakit naon bae.
- Pakotrek iteuk Laki
rabi ti ngongora napi kakolot pisan, pada pada geus jadi aki-aki nini-nini.
- Paluhur luhur diuk pagede
gede kauntungan dina nyiar kipayah.
- Panday tara bogaeun bedog Sasarina ari tukang mah sok tara bogaeun.
- Papadon los ka kolong Cidra
jangji, teu nedunan jangjina.
- Peureum kadeuleu beunta karasa Inget bae, teu bisa poho. Biasana mah lain kana
barang tapi ka jelema anu dipikancinta.
- Piit ngeundeuk ngeundeuk pasir mikarep kaanu lain babadna, tangtu moal kasorang.
- Pindah cai pindah tampian Robahna tempat matuh robah adat jeung kabiasaan.
- Pinter aling laing bodo Pinter tapi embung kanyahoan ku batur, kusabab
eta nyeta nyeta anu bodo.
- Pipilih meunang nu leuwih koceplak meunang nu pecak Milih kalawan ati ati pisan ku lantaran hayang
meunang nu leuwih hade, ngan ahirna meunang nu leuwih goreng.
- Piruruhan katengahimahkeun Nu dusun didikan dibawa kana pasamoan.
- Poأ©k mongklأ©ng buta rajin (atawa buta radin) Poأ©k pisan.
- Pondok jodo panjang baraya Saha ogأ© jodoh urang silaturahmi kudu tetep
dijaga.
- Pupulur memeh mantun Menta
ganjaran memeh aya jasa atawa menta buruhan memeh prak digawe.
- Pur kuntul kari tunggul, lar gagak kari tunggak,
tunggak kacuwatan daging Dina
cidrana anu diborehan, boreh anu katempuhan, kudu mayaran hutang anu
dipangnanggungkeun.
- Puraga tamba kadengda Migawe
hiji pagawean henteu jeung enya enya. Henteu ngandung maksud supaya hade
hasilna ieu mah pada ulah dipaido bae.
- Raweuy beuweungeun rambay alaeun Loba dahareun da loba pepelakan.
- Rumbak caringin di buruan dina hiji kasusah atawa karerepet geus boga teu
boga kolot anu mepelingan ka urang.
- Rumbak kuntieun Henteu
lengkep, aya bae anu kurang nu matak cua kana hate.
- Rup ku padung rap ku lemah, katuruban ku taneuh beureum Maot. Sasarina ngeunaan kanyeri anu satungtung
hirup moal poho sanajan nepi ka maot.
- Rusuh luput gancang pincang Migawe naon bae anu rurusuhan, temahna matak
kaduhung sabab hasilna teu matak nyugemakeun.
- Sabobot sapihanean Sauyunan,
sapapait samamanis sabagja sacilaka.
- Sabuni buni anu ngising sanajan dibunian atawa disumputkeun oge ari laku
lampah anu goreng mah awal akhir sok kudu kanyahoan bae.
- Sagalak galakna macan taru nyatu anakna sanajan pohara bengisna nu jadi indung-bapa,
umuna tara tega ka anu jadi anak.
- Sagolek pangkek sacangreud pageuh Hanteu cidra kana jangji.
- Saherang herangna cai beas Galibna hate teh hese pisan beresihna ka jelema
anu geus bukti tas nganyernyeri ka urang.
- Saherang herangna cibeas, moal herang cara cisumur Sasarina lamun geus aya pacengkadan sok tara hade
deui cara bareto samemeh aya pacengkadan.
- Sakecap kadua gobang Gampang
ngambek jeung gampang ngadek deuih.
- Sakiriciking duit sakocopoking bogo Naon bae anu matak narik kana hate urang.
- Saluhur luhur punduk tara ngaliwatan hulu Sapinter pinterna murid pangartina moal
ngaluhuran guru.
- Samar polah samar rasa Henteu puguh tingkah upamana ku sabab tepung
jeung jalma anu dipikacinta tapi kakara disidem dina hatأ© baأ©, tacan
bruk-brak
- Sangsara di geusan betah Teuing ku miskin, teu boga naon naon pisan
kulantaran geus embung digawe nyiar kipayah. Anehna the ari hirup mah
hayang keneh.
- Sapu nyere pegat simpay Paturay papisahan.
- Sareundeuk saigel sabobot sapihanean sabata sarimbangan Sauyunan, layeut, tara aya pacengkadan.
- Satengah buah leunca Teu
jejeg ingetan, langlang lingling, kurang saeundan.
- Satungtung deuleu Ngagambarkeun
anu upluk-aplak lega pisan
- Saumur nyunyuhun hulu Saumur
hirup rumingkang di bumi alam.
- Saungkab peundeuy Omongan
anu pondok tur kurang manis.
- Sengserang padung Ngeunaan
awewe atawa lalaki anu boga keneh napsuna cara baheula keur ngora keneh,
sasarina aya di jelema nu geus kolot, nu tereh paeh.
- Sentak badakeun teu
ceehan dina gawe, mimiti pohara getolna, tapi beuki lila beuki ngedul nu
tungtungna teh diantep teu dipigawe pisan.
- Sereg di panto logor di liang jarum nyingkahan hirup kumbuh jelema loba, sabab loba
dosa, loba kasieun jeung kaera, betahna dinu suni nu teu aya jelema.
- Sereg dibuana logor diliang jarum Kulantaran loba kasalahan atawa dosa, embung
cicing di nu rame, sabab sieun, karesepna the di nu suni, nu euweuh
jelema.
- Seukeut ambeu seukeut deuleu loba mata-matana jeung pinter nyusud perkara
(keur pagawean pulisi).
- Seukeut tambang manan gobang Sakumaha gagahna wanina jeung ngalawana oge jalma
jahat mah awal ahir tangtu katangkep pulisi.
- Seuneu hurung cai caah Keur ambek, keur amarah, keur napsu.
- Seuneu hurung dipancaran Nu keur napsu, heug ditambahan pisan pikakeuheuleun,
tangtu bae ngambekna jadi tambah.
- Seungit angin-anginan Seungit
pisan meleber ka mana-mana
- Seuseut batan neureuy keueus Hese pisan.
- Sibanyo laleur Ledis
pisan, teu nyesa saeutik eutik acan.
- Silih jenggut jeung nu gundul Mأ©nta tulung ka papada anu sarua butuhna atawa
sarua papada henteu boga.
- Sirung ngaliwatan tunggul Darajat atawa milik anak ngaliwatan bapa.
- Sosoroh ngadon kojor Kikiriman
ku lantaran aya pangarahan tapi boro boro meunang kauntungan, kalahka
meunang wiwirang jeung karugian.
- Tamiang meulit ka bitis Malindes ka diri sorangan.
- Tamplok batokeun Berehan
teuing nepi ka urang mah susah.
- Taraje nangeuh dulang pinande Saban tugas kudu dilaksanakeun kalawan alus sarta
bener.
- Taya tangan pangawasa Jiga
anu dipupul bayu, henteu boga tanaga.
- Taya halodo panyadapan taya eureuna digelendeng atawa di dicarekan
(Terus bae digelendeng atawa dicarekan).
- Teng anak teng, anak merak kukuncungan sipat-sipat nu aya di anak, babakuna nu hadena,
sasarina loba anu diturunkeun ku kolotna.
- Teu aya sarebuk samerang nyamu Teu aya saeutik eutik acan.
- Teu beunang dikoet kunu keked Teuing ku koret, tara pisan tutulung ka nu butuh
tatalang ka nu susah.
- Teu boga pikir rangkepan Teu boga curiga saeutik eutik acan.
- Teu busik bulu salambar teu regrog regrog, malah unggul dina juritna.
- Teu cari ka Batawi tapi ka salaki hakan pake hayang ti salaki.
- Teu diambeuan teu
dipikarisi, teu dipikagimir, teu dihargaan/diajenan.
- Teu didingding kelir teu
dibuni buni, ditembrakeun bae, teu dirasiahkeun.
- Teu dipiceun sasieur Sarua
pisan teu aya bedana saeutik eutik acan.
- Teu ditari teu ditakon Teu dipalire diantep bae, teu ditanya tanya acan.
- Teu gugur teu angina Samemeh
kajadian naon naon, teu aya pisan beja, lantaran atawa ciciren.
- Teu jauh ti tihang juru teu anggang ti tihang tengah Nya goreng rupana nya goreng kalakuanana sok daek
pulang paling.
- Teu mais teu meuleum teu
aya patalina pisan, teu pipilueun.
- Teu ngalarung nu burung, teu nyesakeun nu edan ngalajur napsu ka awewe, ka anu halal jeung anu
haram oge disaruakeun bae.
- Teu nginjeum ceuli teu nginjeum mata Ngadenge jeung nenjo sorangan lain cenah jeung
baruk.
- Teu nyaho di alip bingkeng bodo teu bisa maca-maca acan, da teu sakola.
- Teu puguh alang ujurna teu puguh entep seureuhna, teu beres lain kitu kuduna.
- Teu wawuh wuwuh pajauh, teu loma tambah paanggang Sing wawuh tur sing loma sabab balukarna alus
pisan.
- Teui hir teu walahir, teu kakak, teu caladi teu aro aro
acan Teu baraya, teu kaka, teu
adi teu alo alo acan. Deungeun deungeun tulen.
- Ti luhur sausap rambut ti handap sahibas dampal Menta dihampura tina rumasa geus salah atawa boga
dosa.
- Ti peuting kapalingan ti beurang kasayaban Sababaraha kali karurugian atawa karoroncodan.
- Tiis ceuli herang mata ngeunah hate kulantaran ngeunah deudeuleuan jeung
dedengean.
- Tikoro andon peso ngadeukeutan
jelema nu bakal ngahukum atawa nganyenyeri ka diri urang.
- Tinggar kalongeun Teu
sieun atawa teu nurut kulantaran remen teuing digelendeng atawa dicarekan.
- Tipu keling ragaji Inggris pinter dina kajahatan, pinter dina ngbobodo atawa
nipu.
- Titip diri sangsang badan Mihapekeun maneh.
- Titirah ngadon kanceuh sejana nyiar kasenangan, tapi jadina pinanggih
jeung kasusah nu leuwih gede.
- Totopong heureut dibeber beber, tangtu soeh nyukupan ku pangala nu sakitu saeutikna, tangtu
bae matak jadi susah, lamun rejeki atawa pangala saeutik, ari keperluan
jeung pangaluaran anu sakitu lobana.
- Tugur tundang cuntang gantang Ngajalankeun pagawean pikeun Nagara, babakti ka
nagara.
- Tunggul dirarud catang dirumpak Euweuh anu dipikaserab, terus bae ngalajur napsu.
- Tunggul sirungan, catang supaan Aya kajadian anu goreng atawa matak teu genah
ahirna.
- Tungkul ka jukut tanggah ka sadapan junun nyanghareupan pagawean anu dipilampah, teu
kaganggu ku naon naon.
- Ulah beunghar memeh boga ulah adigung nyeta nyeta anu beunghar, turtaning
henteu atawa tacan boga pakaya.
- Ulah cara ka kembang malati kudu cara ka picung Ulah sok bosenan ari ka pamajikan teh, hadena mah
ti keur ngora keneh nepi ka geus kolot teh, lain beuki lila beuki bosen
tapi kudu beuki lila beuki welas asih.
- Ulah cara ka malati kudu cara ka picung Ulah ngurangan kanyaah kudu beuki lila beuki
nyaah.
- Ulah kabawa ku sakaba-kaba ulah kabawa ku nu teu puguh, maksudna kabawa
jurig, dedemit.
- Ulah keok memeh dipacok Ulah sieun saacan ngalakonan.
- Ulah leutik hatأ© Ulah
sieun atawa putus pangharepan.
- Ulah lunca linci luncat mulang udar tina tali gadang,
omat ulah lali tina purwadaksina Kudu
nuturkeun أ©tika anu aya.
- Ulah muragkeun duwegan ti luhur masing nyaah kana rejeki meunang hese cape ladang
kesang, pacuan arek dimonyah monyah.
- Ulah ngaliarkeun taleus ateul Ulah nyeubarkeun fitnah.
- Ulah ngukur baju sasereg awak Ulah menyimpulkan nurutkeun diri sorangan
- Ulah pagiri- giri calik, pagirang- girang tampian Ulah rebutan kakawasaan
- Ulah pangkat memeh jeneng Ulah adigung adiguna hayang nyaruaan ka nu geus
jeneng.
- Ulah tiis tiis jahe kudu
iatna, kudu cingceung.
- Ulah unggut kalinduan ulah gedag kaanginan Ulah kagoda, ulah kaganggu atawa kabengbat ku
rypa rupa, lamun urang keur nyanghareupan hiji maksud anu hade.
- Uncal tara ridu ku tanduk Duduluran karumpul kabeh.
- Ulah nyaliksik ku buuk leutik Ulah nyangsarakeun rakyat leutik.
- Uyah tara tees kaluhur Galibna sipat indung bapa anu harade atawa anu
goreng sok diturunkeun ka anak incuna.
- Waspada permana tingal Bisa nyaho kana naon naon anu bakal kajadian.
Mangga bilih gaduh PR kanggo barudak sakola....simpen supados teu hilap deui
BalasHapus